TUKANG GALI KUBUR

TUKANG GALI KUBUR

Aya hiji tukang gali kuburan keur ngagali
kuburan. Kulantaran harita panas pisan,
sanggeus rengse ngagali kuburan, si
tukang gali kuburan nyiuhan di jero
kuburan bari ditiungan ku daun cau. Ujug-
ujug aya lalaki jangkung gede nyampeurkeun,
si horeng eta teh malaikat
anu rek nanya jalma nu geus maot. Malaikat:
Manrobuka?! Tukang ngagali kuburan: Aduh
punten malaikat, abdi mah sanes anu maot.
Abdi
mah anu ngagali kuburan, nuju nyiuhan.
Panas! Nu maot na mah nuju dijalan keneh!
Malaikat: Ah, sugan teh maneh! Saminggu ti
harita, tukang ngagali kuburan
kacilakaan, terus dikuburkeun. Geus
sababaraha poe dikubur, naha euweuh wae
malaikat anu nanya, pikir si tukang ngagali
kuburan. Kabeneran ti kajauhan katingali
aya malaikat anu kamari salah nanya.
Malaikat! gero si tukang gali. Malaikat: Aya
naon hey tukang ngagali kuburan? Tukang
ngagali kuburan: kunaon abdi teu ditanya?
Malaikat: Ah maneh mah minggu kamari oge
ngaheureuyan kuring, pura-pura paeh!
Tukang ngagali kuburan: ????????



No comments:

Post a Comment

Contact Us

Name

Email *

Message *

Back To Top